Laut kidul
Duh waasna laut kidul
ngembat paul jiga2na gambar
mega bodas nangkleuk di awang2
kahibaran sang surya permata alam
cungkleuk leweung cungkleuk lamping
jauh ka sintung kalapa
liyeuk keu'eung liyeuk laik
jauh ka indung ka bapa
Duh waasna laut kidul mawa sasakala jaman baheula
putri geulis anu geus disangsara
dipisirik dipitnah lantarananan
Gunung madur Bayah di Banten Kidul
Lapat2 di kajauhan
Tanjung panto jiga nu ngadagoan
nu marayang geura marulang
ngembat paul jiga2na gambar
mega bodas nangkleuk di awang2
kahibaran sang surya permata alam
cungkleuk leweung cungkleuk lamping
jauh ka sintung kalapa
liyeuk keu'eung liyeuk laik
jauh ka indung ka bapa
Duh waasna laut kidul mawa sasakala jaman baheula
putri geulis anu geus disangsara
dipisirik dipitnah lantarananan
Gunung madur Bayah di Banten Kidul
Lapat2 di kajauhan
Tanjung panto jiga nu ngadagoan
nu marayang geura marulang
0 komentar:
Posting Komentar